Ibu2 Facebooker keur paagul2.
Ibu I: “Ka akun abdi mah nu ngirim pesen via inbox téh aya ratusna.”
Ibu II: “Komo basa abdi ultah, nu ngawilujengkeun kana dinding akun abdi nepi ka rabul.”
Si Onah ngahuleng, da euweuh agulkeuneun manéhna mah, tapi milu nyarita ogé,“Puguh akun abdi mah rék dikontrakkeun tapi teu payu2.”
Ibu I & II: “ Naha?”
Onah: “Arembungeun meureun da di jerona ngabugbrug carita bohong wungkul!”
Cerita 2
Basa Onah ka lemburna (Garut),
manéhna kakara nyaho, yén urang lembur gé geus loba nu mopohokeun basa
Sunda ku cara ngajak nyarita ku basa Indonésia ka anak2-na, bari campur
aduk jeung basa Sunda. Saperti caritaan hiji indung ka anakna, kieu
cenah,
“Héy jangan lulumpatan di atas sasak, nanti tiporos!”
Nging téh si budak ceurik diciwit ku lanceukna, ceuk indungna deui,
“Jangan diheureuyan ajah atuh, Ujang!”
Cerita 3
Ma Unéh: “Kapan hajat ngawinkeun Nyi
MIncreung téh sakeudeung deui, Nyi Onah. Naha geuning can katénjo olah,
kuduna mah geus ngamimitian nyieun ulén, opak, ranginang, wajit,
kolontong, meuyeum ketan jeung meuyeum cau, nyieun kuéh saroja
nanahaon!”
Onah: “Ah nu kitu mah gampang Ma, ieu yeuh abdi mah keur riweuh
kénéh nyetatus, ngoméntaran, ngabales koméntar, ngajempolan status
batur, jeung ganti poto profil dina Pésbuk!”
Ma Unéh (keuheul): “Heueuh alus, engké téh sémah nu diondang kabéh suguhan nu kitu patut wé sakalian, méh teu olok kéjo!”
Cerita 4
Sardung jeung Onah mah mun keur
pabaeud-baeud sok silih remove akun Pesbuk, mun geus akur deui silih add
deui (berteman deui). Terus we kitu jeung kitu, ceuk Si Kucrit tea mah,
“Uyuhan cinggir Si Abah jeung Si Ema teu lecet balas hantem-hanteman
dipake pacantel!”
Cerita 5
Sardung: “Baheula mah barang nu
dianggap anéh téh radio, nepi ka tatangga daratang ka imah nu bogaeun
radio, rék milu ngadéngékeun siaranana.”
Onah: “Tuluy torojol TV. Najan harita ngan ukur TV hitam putih, pada ngarogrog ku nu teu barogaeun.”
Sardung: “TV geus teu anéh diganti ku internét. Di mamana boh budak boh kolot ngan OL jeung OL wé.”
Onah: “Mun internét geus teu anéh bakal diganti ku naon nya?”
Sardung: “Sigana mah bakal balik deui ka jaman baheula, boh budak
boh kolot bakal ngariung deui hawu bari marubuy sampeu atawa mareuleum
opak.”
Cerita 6
Jenong: “Ema, teu nanaon mun abi boga kabogoh ka anak band?”
Onah: “Pék baé, asal ulah ka anak maung wé, sieun dikerekeb!”
Sardung: “Pan Abah gé baréto téh kungsi jadi anak band, Jenong!”
Jenong: “Wah…piraku? Naha atuh kakara nyarita ayeuna? Abah bagian nyekel naon? gitar atawa dram?”
Sardung (bari ngabéléhém): “Bagian nyekel Kecrék!”
Sisindiran I
Kaayaan dina angkutan kota, kadang-kadang
sok mancing pipasèaeun. Aya panumpang mayarna kurang, supir tèh sok
langsung hahaok. Kitu deui lamun supir ngebut sakarep ingsun, panumpang
loba nu ngambek. Tina kaayaan kitu ahirna sok ngahudang napsu
pigeluteun. Sanajan kaayaan dina angkutan kota kitu, tapi lamun
pamnumpang jeung supir nyaritana makè sisindiran mah moal kungsi
ngondang pipasèaeun. Upamana baè aya supir ngebut, panumpang teu kudu
ngambek, cukup ku sisindiran.
Melak suplir makè huut,
dibawa ka Cicalèngka,
Ari nyupir ulah ngebut,
kumaha lamun cilaka?
Lantaran panumpang nyaritana makè sisindiran, atuh supir tèh moal kasigeung. Malah langsung ngajawab ku sisindiran deui.
Kacapanon dina jukut,
geus ruksak rèk diomèan.
Ku naon abdi bet ngebut,
apan keur ngudag setoran.
Tuh nya pan aman? Nyarita ku sisindiran mah ngalantarankeun kaayaan dina jero angkot jajauheun kana pigeluteun.
Sisindiran 2
Sabada diterapkeun otonomi daèrah, asa
mindeng kajadian dèmonstrasi nya? Teu sirikna ampir unggal poè aya baè
anu dèmo tèh. Biasana kaayaan dèmo tèh sok harènghèng. Ngomong
pacowong-cowong. Peureup pabuleud-buleud. Antukna sok nimbulkeun napsu
nu ngagedur. Rombongan nu dèmo tèh sok terus patelak pisik jeung patugas
kaamanan.Hoyong dèmo aman? Cobian geura cocorowokanana nganggo
sisindiran. Upama aya rombongan PKL dèmo ka Pa Walikota, pingpinan dèmo
dina nepikeun aspirasi tèh cukup makè sisindiran samodèl kieu:
Batu ali ti Cimindi,
Ngajul gedang makè gantar,
Pa Wali tulungan abdi,
Ngiring dagang di trotoar.
Ngabandungan pingpinan nu dèmo nyaritana makè sisindiran, Pa Walikota ogè ngawalerna tèh ku sisindiran deui. Saur Pa Wali:
Ti Cililin ka Sumedang,
surat kabar na karanjang,
Lain Bapa nyarèk dagang,
trotoar mah keur nu leumpang.
Aya ku kayungyun nya mun enya tèh nu dèmonstrasi saperti kitu.
Sisindiran 3
Di tempat nu loba prèman saperti di
terminal, pigeluteun tèh mani narampeu. Tapi lamun sarèrèa nyaritana
makè sisindiran mah, dijamin pigeluteun tèh moal aya. Saperti aya jalma
nu katincak sukuna ku prèman, ari nyaritana ku sisindiran mah ahirna
jadi misobat. Apan ceuk èta jalma tèh:
Nginum arak matak weureu,
ditotor tinggal sakeclak
Mata sia henteu neuleu,
suku aing bet katincak.
Sanajan pok-pokanana garihal, tapi ari
nepikeunanan makè sisindiran mah asa teu nyentug kana hatè. Apan èta
prèman gè ngajawabna tèh kieu:
Saninten buah saninten,
Sukajadi pamoroan,
Hapunten abdi hapunten,
Suku abdi teu panonan.
Cenah mah sabada hahampuraan tèh èta
prèman langsung ngajak èta jalma dahar kupat tahu anu aya di jero
terminal. Sagala gè jadi aman jeung tengtrem nya ku sisindiran mah?